soal bahasa sunda kelas 7 smp



Wacana 1 ,
Ilharna para pengurus OSIS anu anyar kapilih sok dibere latihan dasar kapamongan ku pihak sakolah ,pangpana ku guru – guru anu kapapancenan jadi Pembina OSIS .maksudna ngarah para pangurus miboga pangaweruh ngeunaan kapamigpinan  sarta prak-prakan ngoko-lakeun organisasi .
1.       Pikiran lulugu (poko) dina paragraf dI luhur,nyaeta …
A .guru sok kapapancenan jadi Pembina    OSIS 
B pangurus OSIS sok dibere latihan dasar kapamigpinan 
C. pangurus OSIS kudu boga pangaweruh 
D. pangurus OSIS kudu bisa ngokolakeun organisasi
2.       Kecap pangpangna dina paragraf di luhur sarua hartina jeung …
A.luluguna
B.utamana
C.hususna
D.biasana

3.       Ari kecap ngokolakeun ngandung harti ….
A.nuluykeun
B. miara
C. mingpin
D.ngurus

4.       Urang salawasna kudu tumut kena omongan kolot.
Sasaruaan harti kecap tumut,nyaeta…
A.daek
B.ngadenge
C.nurut
D. leak

5.       Pilih mana anu kaasup kecap kantetan rakitan dalit !
A.kursi hoe
B.sapatu kulit
C.gede hulu
D.jeruk garut

6.       Pilih deuih mana anu kaasup kecap kantetan rakitan anggang
                    A.      Kumis ucing
                    B.      Panonpoe
                    C.      Lomari beusi
                    D.      Amis budi
7.       Tuh,… pa Agus mah anu mayun ka kaler!
                    A.      Imah
                    B.      Bumi
                    C.      Rorompok
                    D.      Gedong

8.       Basa abdi… ka sakola kasampak barudak tos baris di lapang.
                    A.      Datang
                    B.      Sumping
                    C.      Dongkap
                    D.      Wangsul

9.       Pupuh balabak ngabogaan watek…
                A.      Gumbira
                B.      Pikaseurieun
                 C.      Sumanget
             D.      Sedih prihatin

10.   Ari pupuh maskumambang ngabogaan watek…
                A.      Gumbira
                B.      Pikaseurieun
                C.      Sumanget
            D.      Sedih prihatin

Wacana 2

Geus cumpon kana sapuluh poe, eta endog teh tuluy dikumbah, dibersihkan, bari urang, geus sayangi pariuk gede keur ngulub endog beunang meresihan tea. Geus dikulub mah rengse, tinggal ngasaan. Rek haneut-haneut ditambul bisa. Rek ditiiskeun heula, komo leuwih pedo!

11.   Kecap barang dina paragraf di luhur jumlahna aya …
A.      Dua
B.      Tilu
C.      Opat
D.      Lima

12.   Ari kecap pagawean jumlahna aya…
A.      Lima
B.      Genep
C.      Tujuh
D.      Dalapan

13.   Anu kaasup kecap lemes dina paragraf di luhur, nyaeta…
A.      Cumpon
B.      Sayagi
C.      Rengse
D.      Ditambul

14.   Anu dimaksud kecap rajekan nyaeta kecap anu…
A.      Make rarangken
B.      Make awalan
C.      Diulang
D.      Dipenggel

15.   Mana anu kaasup kecap rajekan dwipurwa?
A.      Sabalad-balad
B.      Tatajong
C.      Sapeupeuting
D.      Pulang-paling

16.   Mana anu kaasup kecap rajekan dwimadya?
A.      Lak-lieuk                      C.  Sesepak
B.      B. katutuluyan          D.gede-gede

17.   Mang aceng mah… sok resep ulin jeung budak, ih!
a.       Kokolotan                   c.  . kolot pisan 
b.       b. kolot-kolot           d. dikolotkeun
18.   Ulah …. Bae ka batur teh, kudu meuli sorangan!
A.      Punta-penta              C. menta-menta 
B.      B. dipentaan              D. dipenta

19.   Kalimah anu ngagunakeun kecap rajekan dwireka nyaeta:
A.      Isah mah keur sasapu di buruan imahna
B.      Ulah dipopohokeun ari aya amanat ti kolot the.
C.      Susi ngan sura-seuri bae ti tatadi kawas keur boga kabungah
D.      Barang-barang the ayeuna mah hargana beuki marahal bae

20.   Loba prajurit anu perlaya di medan perang.
Kecap perlaya sarua hartina jeung kecap….
A.      Bajoang   B. Maju   C. Mundur  D. Maot

21.   Ulah ….ari barang warisan tikolot the
a.       Di pahing                     c. maju
b.      Dipindingan                                d. dimomorekeun
22.   Kaom penjajahan mah …. Pisan ari geus nyiksa rahayat teh.
a.       Tarapti                          c. talobeh
b.      Telenges                      d. tumamprak
23.   Saha jalma anu dipergasa ku bangsat the.
a.       Ditulungan                  c. disiksa
b.      Diculik                           d. diwiwirang
Wacana 3.
Pesta langlayangan di Pangandaran teh kacida pentingna keur bangsa urang. Lain bae urang bisa ngawanohkeun objek wisata Pangandaran ka bangsa deungeun, tapi urang oge bisa silih tukeur pangaweruh katut pamgalaman jeung maranehna. Sagedengeun eta ku ayana Pesta langlayangan, ngaran Pangandaran tangtu bakal beuki sohor ka manca nagara.
24.   Kecap serapan anu  aslna tina basa asing nu aya dina paragraf di lur, nyaeta,
a.       Pesta                             c. sohor
b.      b. objek                       d. manca nagara
25.   Kecap sohor dina paragraf di lur ngabogaan harti anu sarua jeung kecap,…
a.       Punjul                           c.  kawentar
b.      b. luhung                     d. kabejakeun
26.   Anu kaasup kecap pagawean dina paragaf di luhur, nyaeta,…
a.       Pesta, ngawanohkeun, silih tukeur
b.      Penting, pangaweruh, pangalaman
c.       pesta, pangalaman, sohor
d.      objek wisata, pesta, manca nagara
27.   Rek kamana Mamay teh,…boboko?
a.       Manggul                      c. . nyuhun
b.       ngajingjing                 d. ngelek
28.   Isuk keneh bi Unah geus …. Lalab kakebon.
a.       Ngajul                           c. mipit
b.      mupu                            d. ngundeur
29.   Nuning keur…. Beas di pancuran
a.       Nyeuseuh                   c.  ngumbah
b.       ngisikan                       d. nyeboran
30.   Anak Kuda di sebutna…
a.       Belo                               c.  eneng             
b.      b. poyik                        d. bilatung
31.   Kembang kadu disebutna….
a.       Olohok                         c.. ringsang
b.      alewoh                         c  suligar

32.   Pilih mana kalimah anu ngagunakeun kecap pagawean!
a.       Ih, Budakteh meni bageur nya.
b.      Desi mah nya pinter nya geulis.        
c.       Bapakna jadi pagawe Bank
d.       Tuh Susan mah keur nyisiran
33.   Cing pang meulikeun bawang …..!
a.       Sasihung                      c.  sagandu
b.      sasolor                          d. sailab
Wacana 4.
Nurutkeun para ahli atmosfir, kiwari polusi hawa di kota kota gede geus tepi kana tingkat anu matak pikahariwangeun keur kasehatan manusia. Polusi pang pangna bisa nimbulkeun panyakitparu paru lantaran ngandung gas karbon dioksida jeung karbon monoksida. Atuh tina numpukna sesasesa pembakaran bengsin di atmosfir bisa ngabalukarkeun  ruksakna lapisan Ozon.
34.   Kecap serapan u asalna tina bas Inggris nu aya dina paragraf di luhur jumlahna aya,…
a.       Genep                          c.  dalapan
b.      b. tujuh                        d. salapan
35.   Anu kaasup kecap sifat dina paragraf di luhur, nyaeta,..
a.       Polusi hawa, kasehatan
b.      Nurutkeun, para ahli                             
c.       nurutkeun, nimbulkeun
d.      numpukna, ngabalukarkeun
36.   Anu kaasup kecap rajekan dwimurni dina paragraf diluhur, nyaeta,…
a.       Kota-kota, paru-paru, sesa-sesa
b.      Nurutkeun, para ahli
c.       geus tepi, kana tingkat
d.      ngandung gas, pambakaran bengsin
37.   Kudu bisa …. Sorangan atuh, ulah ngandelkeun bae batur.
a.       Rumasa                        c. macakal          
b.      b. punjul                      d. hengker
38.   Polusi hawa the,… lapisan ozon barolong.
a.       Ngaronjatkeun
b.      Ngabalukarkeun                                      
c.       ngahangkeutkeun
d.      ngabarubahkeun
39.   Teu kudu….. da kuring oge geus dewasa.
a.       Lulusan                         c. salempang
b.      b. sapamadegan       d. babadamian
40.   Kudu sing ….. ari digawe the ulah sok lalawora.
a.       Suhud                           c.  rikrik
b.      caliweura                     d. langka
41.   Pilih mana anu kaasup kalimah aktif!
a.       Ulah waka dibawa buku the, can dibaca
b.      Iraha hutang the rek di bayarna?
c.        Ari Unang rek make sapatu, moal?
d.       Sok dengekeun ku kuring rekdibac
42.   Pilih mana anu kaasup kalimah positif!
a.       Kunaon hayam tehteu di paraban? 
b.      Ulah lulumpatan bisi aya beling
c.        Ih, budakteh ngan ceurik bae
d.       sok sare ari geus tunduhmah
43.   Kalimah anu ngandung gaya basa mijalma, nyaeta,…
a.       Ah, rumaos abdimah jalma teu gaduh
b.      Manuk ngahariring dina tatangkalan
c.       manehna ngajerit maratan langit
d.      permios bu, abdi bade kapengker heula.
44.   Po\ilih mana anu kaasup kalimah transitif!
a.       Ina keur ngumbah suku.
b.      Barudak lulumpatan.                             
c.       saha nu tetembangan the?
d.      Udin mah geus sare.
45.   Ari anu kaasup kalimah intransitive, nyaeta,…
a.       Mang Uki mawa hayam.
b.      Dadang keur nyisiran.                           
c.       Tatang nungtun Domba.
d.       Ucing ngudag beurit.
46.   Kalimah sampurna nyaeta kalimah anu diwangun ku,…
a.       Subjek jeung predikat
b.      Subjek jeung katerangan                    
c.       subjek wugkul
d.       predikat wungkul
47.   Anu kaasup kalimah sampurna, nyeta,….
a.       Wilujeung enjinh, Bu!
b.      Hayam di paraban.                                 
c.       Ti mana euy?
d.       Buru kadieu!
48.   Mana anu kaasup kalimah teu sampurna?
a.       Kuring rek mandi     
b.      Cau geus asak.
c.        jig geura indit!
d.       Baju anyar keneh.
49.   Gaya basa rautan (eupimisme) nyaeta gaya basa anu,….
a.       Mapandekeun barang atawa sato kawas manusa.
b.      Ngalemeskeun omongan ngarah sopan kadengena
c.       Ngahandapkeun kaayaan diri sorangan
d.      Ngaleuwih-leuwihkeun hiji perkara
50.   Pilih mana kalimah anu ngandung gaya basa rautan!
a.       Di kota gede loba gedong jujul ka langit
b.      Abdi mah rorompok oge sagede kandang japati
c.       Bulan nyumput di tukangeun mega
d.      Aki Uh amah parantos ngantunkeun taun kamari.



Komentar

Posting Komentar